Senin, 06 Juni 2011

Jurig Bungkeuleukan

Ku Agus B. Irawan

Mun ngobrolkeun masalah hantu alias jurig, sok jadi inget kana dongeng pangalaman lanceuk kuring, nyaeta Teh Enok, anu kajadianana kira-kira dina taun 93-an, mangsa Teh Enok keur mojang atawa keur gadis keneh, kira-kira keur umur 18 taunan cenah.

Ceuk Teh Enok cenah, dina mangsa harita, pikeun mojang atawa gadis saumur Teh Enok , husuna di lembur, ngarupakeun hiji hal anu kawilang matak erana lamun can bisa ngaji atawa can lancar maca Qur'an atawa oge can namatkeun Al-Quran 30 juz. Ari sabab, lantaran engke pareng dina waktuna kawin, dina acara walimahan sok diayakeun acara khatam Al-Quran husu pikeun panganten awewe. Ku lantaran kitu, mojang-mojang anu alumurna geus nincak 17 taunan ka luhur, dina mangsa harita kacida pisan garetolna jeung saruhudna dina dialajar ngajina, da sieun kawiwirangan dina waktuna kawin tea. Kaasup Teh Enok sorangan cenah, getol pisan diajar ngajina, ampir tara aya peuting nu kaliwat ari lain keur hahalang mah.

Ari ngajina sok diayakeun di masjid jami anu pernahna aya ditengah lembur. Waktu ngajina sok ti peuting, nyaeta ti bada magrib nepi ka liwat isya atawa kira-kira jam 8 peuting. Ti imah kuring atawa ti imah Teh Enok ka masjid jami teh anggangna ampir sakilo meterna, atawa kurang leuwih 800 meteran mah aya meureun. Jalana mapay pasawahan jeung marupa galengan sawah. Ngaliwatan oge sababaraha imah. Ma'lum kaayaan di pakampungan bari jeung daerah pasawahan, kaayaan imah teh ancal-ancalan. Antara imah nu hiji jeung nu hijina deui patarenggang, tatangga jeung tatangga paaranggang. Ari jalan mah boh anu ngahubungkeun ti imah ka imah sejenna, lumayan gede sanajan ukur mangrupa galengan sawah oge, ngahaja ku nu borangan digaledean kalayan kasadaran sorangan.

Mangsa harita, lamun ti peuting kaayaan lembur teh paroek, sabab mangsa harita mah ka lembur teh can asup listrik. Di imah-imah ukur marake lampu cempor atawa ku lantera. Anu ngaraji di masjid oge ukur dicaangan ku patromak, di imah lamun bubaran ngaji teh sok tuluy dipareuman.
Kacaritakeun Teh Enok, lamun beres ngaji di masjid teh tara tuluy balik ka imah. Tapi sok ngadon nyimpang heula ka imah guru ngajina anu maksudna rek ngadon tatanya masalah-masalah anu kurang paham. Lumayan we cenah jang nambah-nambah pangaweruh, hususna dina widang agama. Atuh ari balikna ka imah teh sok rada peuting, kira-kira jam 9 atawa jam 10. Salian ti Teh Enok aya opatan deui cenah babaturanana anu sok ngahaja nyimpang ka guruna teh, lalaki duaan jeung awewe duaan.

Teh Enok, enya ge pangawakan awewe bari harita keur gadis keneh estuning ludeung, teu ieuh borangan. Mun balik ngaji teh sok sorangan bae, tara ieu aya nu nganteurkeun, rek poek rek leueur oge. Kawas dina peuting harita cenah, kira-kira jam 10 Teh Enok karek mulang. Teh Enok leumpang nyorangan.
Peuting harita teh sakuduna mah caang bulan sanajan can tanggal wewelasan oge. Ngan kulantaran langit angkeub, da keur mangsana usum hujan, cahaya bulan teh ukur reyem-reyem, najan teu kasebut poek oge. Ari hawa karasa tiris mani nyecep.

Ku lantaran teu mawa baju haneut, Teh Enok harita ngaharudungkeun mukena anu ti tatadi dikekelek. Tambah tiris teuing cenah.

Keur jongjon leumpang, ari pes teh lampu senterna ngadon pareum, tayohna bae bohlamna pegat. Teh Enok kapaksa nolog. Keur kitu teh hujan girimis turun deuih. Mangkaning poho teu mawa payung.

Teh Enok neangan pangiuhan. Untung aya saung di sawahna Ki Darta nu teu pati jauh ti jalan. Teh Enok muru ka dinya rek ngadon ngiuhan heula. Barang sup ka saung, Teh Enok ngaregog! Sabab ningali di jero saung teh aya dua mangkeluk awewe jeung lalaki keur dariuk bari patangkeup-tangkeup. Teh Enok tadina mah arek mundur deui, tapi kaburu katingalieun manten ku nu duaan. Barang ngareret ka Teh Enok, ana goak teh nu awewe ngagoak bari ngejat!

"Ju... jurig!" cenah. Gajleng, gajleng duanana laluncat! Beretek lalumpat sakalumpat-lampet, notog-notog maneh! Korosak! Korosak! Gobrass! Gobrasss! Duanana tingalabres kana kotakan anu keur meujeuhna pibuateun, geus teu nolih di nanaon deui! Ari Teh Enok, saukur colohok we nempo nu kalabur teh!
Isukna di lembur jadi ibur. Pajarkeun teh cenah sawahna Ki Darta anu keur pibuateun, peuting tadi digaley ku bagong kajajaden. Ari ti babaturanana mah Teh Enok meunang beja, yen cenah peuting tadi basa keur bobogohan di ganggu jurig. Teh Enok ukur nyenghel ngadenge beja kitu teh, da sidik manehna pisan anu jadi jurig bungkeuleukanana. Enya... jurig mukena meureun!

Tapi aya hikmahna oge tina kajadian eta. Paling henteu geus bisa nyegah babaturanana anu rek ngalakukeun "Laku lampah teu uni!"***

Galindeng Fatihah

Ku: Iwan Setiawan

Ari kasebut mindeng mah henteu ngimaman teh. Teuing kumaha, sok rada merod hate. Mun aya batur keneh mah, sok ngahaturkeun we. Kajaba mun geus taya pisan nu daek-pareng ustad-ustad nu biasa aya halangan, heg teu ka masjid-kakara sok maksakeun maju. Ku dihayoh-hayoh tea pangpangna mah ku batur, da dianggap rada bisa, ceuk pamikir maranehna.

Mimitina mah asa biasa wae babacaan teh. Lebah ngalapadkeun fatihah jeung surat sejenna, ah da sabenerna ti bubudak ge jaman keur ngaji osok dites ku guru ngaji, taya kajadian nanaon. Malah dites ngimaman sagala jeung papada budak. Sumawonna geumpeur, da tara. Ongkoh kuring teh da guru. Unggal poe nyarita hareupeun murid atawa orang tua muridna, maenya rek kasima kitu bae.

Ngan nu jadi pikiran teh lebah ngalapadkeun fatihah, bet sok asa-asa. Lain asa-asa pedah ngagorolangkeunana. Ieu mah asa-asa teh, pedah mun ngimaman lagam teh sok ngaleok ka lebah dinya. Ka lebah lagam fatihah nu asa wawuh. (Duka ari kitu ebat henteu nya? Mudah-mudahan we teu matak ngabarubah kana solat nu lian, nu harita ngaamum!)

Sidik lain lagam kuring! Tapi mani asa geus wawuh pisan jeung hate. Asa mindeng galindengna nyerep kana ceuli batin. Bet panasaran, ku hayang nyobaan lebah fatihah teh make lagam nu lian. Make lagam imam-imam nu pernah kadenge. Naha lagam H. Abdullah atawa lagam Ustad Rojik kitu lah nu remen kadenge mun ngamum shalat Magrib. Atawa lagam Abah Amin mun pareng mareng salat Subuh. Hih, da hese we. Leokna teh kana lagam eta deui bae.

Pareng berjamaah jeung anak pamajikan di imah. Leok teh angger ka dinya. Asa geus napel pisan kana letah. Tapi ari keur maca fatihah waktu dina riungan mah, mun hadoroh atawa tawasul, ah biasa we lagam (akuan) sorangan nu ngagerenggeng teh. Asa teu pungpar-pengpar kana lagam nu sok datang mun wanci shalat berjamaah tea.

Bet tuluy dicobaan dijojoan. Naha di lembur kitu? Rarasaan Ustad Aceng, da... lain kitu! Pa Entis, komo... beda pisan! Keur kuliah asa teu mungkin. Kapan imamna ge gunta-ganti tiap jumaahan mah. Atuh anu sok ngimaman magrib asa teu timu, ku teu mindeng tea salat magrib di kampus, mun teu sakalieun aya kagiatan mah nu tuluy ngendong di himpunan.

Weleh teu inget!

Pilageuhan ditanyakeun ka pamajikan. Sugan we apaleun kana eta lagam tea. Pamajikan seuri mimitina mah.

"Sok nu lain-lain wae akang mah. Nu kitu bae jadi bahan pikiran," pokna teh.

"Ih, lain kitu, Nyi! Akang mah sok hayang apal we, naha mani napel-napel teuing lagam eta teh. Nyai ge meureun ngarasa, mun urang berjamaah. Akang sok ngahaja lagam teu hayang lagam sorangan, tapi asa ku hese. Leokna teh ka dinya deui ka dinya deui. Kawas geus asa lagam sorangan bae. Tapi, akang keukeuh. Eta lain lagam akang! Na ku asa mangaruhan pisan!" kuring ngajelaskeun ka pamajikan.

Dikitukeun pamajikan teh serius ayeuna mah. Tapi ari palebah ditanya raratan mah kalah gideug, pamajikan teh!

"Haji Nanang mah da teu kitu lagamna!" pokna kawas ngomong sorangan, "Ari akang mah da asa teu kungsi masantren lin?" manehna tumanya kalawan daria.

"Teu kungsi ari masantren mah. Mun ngaji mah da ti bubudak. Mimiti di Pa Udin, urang Babakan. Ti dinya ka Pa Haji Oman, da Pa Udinna ngalih bumina. Terus ka Pa Haji Kurdi lilana mah, tepi ka SMA kelas hiji asana. Meh opat taun," cekeng teh.

"Cobi emut-emut, di antara eta aya henteu nu lagamna kitu?"

Kuring ngahuleng sawatara kedapan. Asa kateuteuari sabenerna mah, kokotetengan neangan lagam boga saha. Sidik da lagam nu nyerep ka kuring teh teu kawas lagam ahli qiroat anu mahroj jeung laguna leuwih nikmat. Ieu mah da biasa, ngan pedah has doang jeung ku hese leupas tina letah ngimaman kuring, panasaranana teh.

"Kumaha, Kang? Aya emutan ka saha-sahana? Sugan ka... Pa Haji Kurdi! Pan lami akang ngadon ngaos di dinya teh," pamajikan beuki daria.

"Asa teu inget saeutik ge kana lagam anjeunna mah! Komo kasebutna jarang ngimamanna, da sok heuleut-heuleutan. Tilu poe aya, tilu poe teu aya."

"Naha? Sanes masjid eta ge kagunganana?" pamajikan panasaran.

"Enta. Ari cenah mah mun kitu teh nuju giliran ka istrina nu hiji deui. Puguh akang ge sok hayang seuri mun inget ka lebah dinya. Mudah-mudahan ieu mah lain rek ngomongkeun goreng. Enya, abong keur budak. Aneh memang ku harita. Keur budak, padahal geus SMP harita teh. Ku naon bet teu ngarti ku kecap giliran teh.

Matak basa Pa Haji Kurdi nuju teu aya, Akang kalawan polos nanyakeun ka Bu Haji. Ku geus teu asa-asa pangpangna mah. Bu Hajina kawas nu teu nganggap batur ongkoh ka nu ngaraji di dinya teh, kawas incuna. Dina dicarekan atawa dibere naon nu urusan jeung ngaji, tara dibeda-beda. Komo ka Akang nu sasatna murid kadeudeuh. Da mun naon-naon teh, ‘Tuh kawas... Asep!', ‘Conto atuh... Asep!' paribasana teh. Nepi ka si Marno mah nu harita ngajina dialeu-aleu, dibentak sagala ku Bu Haji teh. Tong sok dialeu-aleu, pajar teh. Leuheung mun siga... Asep! Mani rebeh irung akang teh harita," kuring seuri nyakakak inget ka lebah dinya teh.

"Keur mah rebeh ongkoh akang mah!" pamajikan seuri ngengklokan.

"Enya, sih nu mancung!" cekeng teh, bari meungpeuk irung pamajikan.

Pamajikan kalah beuki nyikikik nepi ka seeleun.

"Geus, ah! Terusna kumaha?" pamajikan museurkeun deui obrolan.

"Bu Haji ngambekna mah, eta meureun lain jadi alus dialeu-aleu teh si Marno mah, kalah ka ngabaribinan. Keur mah si eta mah rada pupujieun deuih!

Tah, harita akang nanyakeun teh polos pisan. Maklum keur budak ieuh! Ceuk akang teh, Bu Haji ari Pa Haji teh giliran ngimaman di masjid mana? Rarasaan mah biasa eta pananya teh. Maklum tadi ge, keur budak ieuh! Atuh babaturan papantaran ge nu sarua teu apal, biasa we kawas nu rek ngabandungan. Atuh barudak saluhureun, model Teh Aneng jeung Ceu Ade sareuri. Sok sanajan kawasna, mun kaperhatikeun mah nu duanana teh sareurina beda. Rada dipengkek. Lain seuri nu biasa. Taksiran teh kagugu ku pananya akang we (nu calakan!).

Na ari kowowong teh Ma Ojah, nu harita keur ngaderes jeung ibu-ibu sejenna. Tayohna ngadangueun pertanyaan akang, ngojengkang ka palebah tempat barudak ngaraji. Nyarekan lak-lak dasar. Na Asep, siah! Kawas euweuh tanyakeuneun deui. Dibejakeun siah ka si indung maneh!

Akang tibang olohok we! Da teu ngarti. Duka tah, peuting harita nasib tungtungna pangajian, da rek ngaji pisan harita teh. Akang poho deui, naha harita dilaporkeun ka Si Ema atawa henteu? Akang teu inget,"

Pamajikan cirambay ngadenge dongeng kitu teh. Seuri nyeuleukeuteuk salila-lila.

"Ahirna mah nyaho ti Teh Aneng perkara ‘gilir' tea teh, najan bingung ngimaman. Kade bisi salah harti deuih, Nyai ge!" kuring nyalenggor heula.

"Moal. Manasina Akang!" tembal pamajikan nu masih keneh nyesakeun seurina.

"Meureun Mang Adin, Pa Adi, jeung... Mang Uju asana nu sok ngagantian teh!" tembal kuring, bari nginget-nginget kabehanana.

"Mang Adin lebah lagam teu katara teuing. Kitu deui Pa Adi, da mun aya Mang Uju mah... Ya Allah! Mang Uju lagam eta teh! Gusti, naha akang mani poho-poho teuing. Ehm, dosa Gusti...!" hate muriding.

"Saha, Kang? Mang... U...ju...! Mang Uju mana?" pamajikan kageteun ningali paroman kuring nu ngagentak robah.

"Ehm, Gusti... Alhamdulillah! Kapendak geuning eta lagam teh. Lagam Mang Uju. Mang Uju akina si Cecep, nu ngojeg di parapatan. Masya Allah! Bet geuning lagam Mang Uju nu nyerep teh! Mang Uju pisan nu sering ngimaman mun Pa Haji Kurdi teu aya teh."

Kuring gura-giru ningali jam, tuluy ngajakan salat ka pamajikan.

"Geus Isa lin ieu teh? Hayu Nyi, urang Isa heula!"

Teu talangke deker bae solat Isa. Kuring ngimaman, pamajikan amumna. Asa beda lebah maca fatihah teh. Beuki atra karasana galindeng fatihah Mang Uju. Ku nikmat harita solat jeung ngagalindengkeun fatihahna. Teu karasa cimata reumbay. Reres solat, tuluy hadoroh. Hususon ditujulkeun ka Mang Uju. Malah mandar anjeunna ditampi ku Allah SWT, kalawan kenging tempat anu mulya. Amin.



**



"Mang Uju teh bisa disebutkeun asisten meureun pikeun Pa Haji Kurdi mah. Mun pareng ‘gilir' teh, nya Mang Uju nu ngimaman. Duka pedah geus dianggap ‘asisten' ku Pa Haji Kurdi, anjeunna sok wani haok hamprong ka barudak anu garandeng, boh nu solatna heureuy, boh keur ngaji ngadon pahibut. Tampolana leuwih keras tibatan Pa Haji Kurdi. Ari barudak, ku Pa Haji Kurdi mah sieun sakali ngagebes ge. Ari ku Mang Uju mah kawas nu teu sieun, anehna teh. Malah deukeut-deukeut ka ngalunjak.

Kituna mah incuna, enya Si Cecep nu ngojeg tea. Sok ngalelewe mun dicarekan ku akina teh. Atuh antukna nu sejen ge nya kitu tea. Malah sok padangageuhgeuykeun saprak aya kajadian anjeunna katinggang panakol bedug."

"Na kumaha mimitina, bet katinggang ku panakol bedug sagala?" pamajikan heraneun. Na disimpenna di mana cenah meureun panakol teh, bet bisa ninggang, da biasana panakol mah disimpenna sok di jero kohkol. Mun henteu, di jero kuluwung bedugna.

"Maklum budak. Lengger teh kabina-bina. Mun tas solat Isa teh sok paheula-heula balik. Berebet lumpat bari cocorowokan. Teu bina we ayeuna ge kitu di masjid urang. Ninggang di Si Cecep, incuna Mang Uju tea. Manehna mah panglenggerrna enyaan.

Mun teu salah, basa rek asup rokaat ka opat, manehna ngolesed heula ka handap. Da masjid teh ayana di luhur, di loteng. Di handap teh aya dua panto. Nu hiji paragi ka jero imah, nu hiji deui paragi kaluar masjid jeung tempat neundeun bedug. Jadi mun nakol bedug teh karasa eundeurna ka luhur. Minangka ka luarna sora ngarah kadenge ku masarakat mah, aya jandela leutik anu nampeu kana bujur bedug. Tah, panto nu ka luar eta, kabeneran mukana ka jero. Ngahaja kawasna dipelengekeun saeutik. Di luhurna, antara kusen jeung panto diteundeun panakol bedug. Jadi saha nu muka pangheulana, eta nu katinggang.

Seug harita Pa Haji Kurdi beres solat teu kaburu ngahulag, supaya ulah ingkah sakumaha biasa, kawasna sejen carita teh. Atuh barudak, waktu dihulag supaya ulah waka kaluar ti masjid, da aya nu rek ditepikeun, kabeh ge caricing.

Tah harita pisan Mang Uju, cenah ceuk dongeng Teh Aneng ti indungna nu milu ngarubung-rubung, hayang ka cai heula. Gura-giru kaluar. Na..., da! Ari muka panto kawasna, ari goak teh sada Mang Uju ngagoak. Kabeh ge taya nu teu reuwas. Sugan teh aya naon we, iwal ti Si Cecep, incuna nu lengger tea, nu tangtu apal pisan kana naon nu kajadian. Sasat manehna nu boga dosana. Da gurudug we harita keneh muru akina. Nu sejen nuturkeun, kaasup akang. Katenjo teh, Mang Uju keur haharegungan we.

Disarambat ku nu karolot. Ngajendol pisan lebah emun-emunanana. Najan make kopeah ge, kasebutna kopeah haji mah, beda jeung kopeah biasa.

Peuting isukna. Koredas kabeh dicarekan ku Pa Haji Kurdi, kaasup Si Cecep pisan. Sakumaha hayang seuri ge barudak, nu harita inget kana kajadianana, merengek piseurieun barudak teh. Da eta, Pa Haji Kurdi katawisna bendu pisan, sarta Mang Ujuna oge aya, sami nuju bendu. Seug Si Cecep lain incuna, duka!

Ti harita beuki galak bae ka barudak. Barudak ge loba nu teu resepeun, kaasup akang pisan! Ehm, geuning! Sakumaha akang teu resep harita, elmuna mah bet nyangsang pisan nepi ka ayeuna.

Ingetan, Nyai! Mun urang balik ka lembur, urang nyimpang heula ka kuburanana. Akang perlu menta hampura jeung hayang ngagalindengkeun fatihah luhureun kuburanana."

Mun pareng aya umur mah. ***



Serang, Desember 2008